Wilujeng atas Suksesnya Musyawarah Besar (MUBES) VI Tahun 2026 Paguyuban Wargi Sunda Sumatera Utara

PWS Sumut, Juni 2026. Alhamdulillahirabbil ‘alamin, kalayan rahmat sareng ridha Allah SWT, Musyawarah Besar VI Paguyuban Wargi Sunda Sumatera Utara (PWS Sumut) Tahun 2026 parantos kalaksanakeun kalayan lancar, tertib, demokratis, sareng pinuh ku sumanget duduluran.

ngahaturkeun apresiasi anu saluhur-luhurna ka Pimpinan Sidang Pleno, nyaéta:
✨ Bapak Sarmad, S.Tr.Par., M.Tr.Par.
✨ Bapak Kurdi Nuryadinata
✨ Bapak Dr. H. Mustapid, M.A.
✨ Bapak Dr. Ayi Darmana, M.Pd.

anu parantos mingpin jalanna sidang kalayan profesional, objektif, sareng penuh kawijaksanaan, sahingga sakumna agenda MUBES tiasa kalaksanakeun kalayan kasaéan,

MUBES VI ieu janten momentum penting pikeun organisasi dina ngalaksanakeun:
📌 Penyampaian dan Pembahasan Laporan Pertanggungjawaban (LPJ) Pengurus DPP PWS Sumut Periode 2021–2026
📌 Pemilihan Ketua Umum DPP PWS Sumut Periode 2026–2031 ( Aklamasi suara ka Bapak Prof. Dr. Dadan Ramdan, M.Eng., M.Sc )
📌 Merumuskan arah organisasi menuju PWS Sumut yang lebih maju, solid, dan adaptif terhadap perkembangan zaman.

Mugia hasil-hasil MUBES VI janten landasan anu kiat pikeun ngamajengkeun PWS Sumut, ngaraketkeun tali silaturahmi antarwargi Sunda, sareng ngajaga warisan budaya Sunda di Bumi Sumatera Utara.

Sakumaha filosofi Sunda, “Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh”, hayu urang terus ngahiji dina kebersamaan, gotong royong, sareng pengabdian pikeun organisasi anu dipikacinta ieu.

🙏 Hatur nuhun ka sakumna panitia, peserta, pengurus, sesepuh, sareng wargi Sunda anu parantos nyumbangkeun pikiran, waktos, sareng tanaga kanggo kasuksesan MUBES VI PWS Sumut.

✨ Ngahiji Dina Duduluran, Maju Dina Organisasi, Lestari Dina Budaya. ✨

images-2024-01-18T140025.287
CREATOR: gd-jpeg v1.0 (using IJG JPEG v62), quality = 85
kuliner-sunda
Penampilan Etnis Sunda 2