Wilujeng Milangkala anu ka-90 (9 Dasawarsa) Paguyuban Wargi Sunda Sumatera Utara (PWS Sumut )

Salapan dasawarsa ngadeg di tanah parantauan, panceg dina galur, ngajaga budaya, tur tetep tohaga ngaraksa silaturahmi.

Salapan dasawarsa lain waktu anu sakedap. Siga tangkal anu akarna geus nyerep jero, PWS Sumut tetep ajeg ngajaga benteng budaya Sunda di tanah Sumatera Utara. Wilujeng tepang taun anu ka-90 taun Paguyuban Wargi Sunda Sumatera Utara. Mugi wargi Sunda di mamana wae tetep guyub, sapapait samamanis, runtut raut sauyunan, sarta teu poho kana purwadaksi.

Mugi PWS Sumut majeung salawasna, mawa mangpaat pikeun balarea, sarta tetep 'Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh' di lemah cai Sumatera Utara.

Harita dinteun sabtu pon ping 27 juni 1936 / 7 silih mulud 1867 H, Aki uyut urang sadayana uih ti padamelan perkebunan hindia belanda, nyandak upah minggonan dinteun sabtu.

Beres eta ngariung di rorompokna tetua,
Ngobrolkeun bade ngadamel paguyuban kanggo wargi2 sunda anu di pangumbaraan tanah deli dugika kabentukna “Paguyuban Wargi Sunda Sumatera Utara”

Alhmadulillah dugika 90th ayeuna PWS Sumut eksis keneh…

Wilujeng milangkala 90th PWS SUMUT

images-2024-01-18T140025.287
CREATOR: gd-jpeg v1.0 (using IJG JPEG v62), quality = 85
kuliner-sunda
Penampilan Etnis Sunda 2